Kamis, 18 Juli 2013

UCING BANCAKAN

Ucing Bancakan nyaeta salah hiji kaulinan barudak Jawa Barat,  nu di ulinkeun ku barudak leuwih ti 2 urang jalma, kaulinan barudak ieu maena siga ucing sumput, nu ngabedakeuna nyaeta ucing bancakan nganggo belahan kenteng nu jumlahna biasana 10 puluh belahan kenteng jeung hiji batu keur ngalungkeun tumpukan belahan kenteng.

Cara maena nyaeta taneh di buleudan ku kapur, belahan kenteng di susun atanapi di tumpukeun ka luhur disimpen di tengah-tengah buledan.  Biasana sateucan ngalungkeun batu ka tumpukan kenteng barudak susuiten heula atanapi hompimpa heula, saha nu pertama, kadua, katilu jeung saterusna, nu pang terakhirna eta nu ucing nyaeta bertugas nyusun/numpukeun belahan kenteng sarta ngajaga jeung neangan nu keur nyumput,  pami kapendak nu ucing kedah nincak batu pangalung belahan kenteng sarta nyarios bancakan, barudak nu nyumput kapendak ti hula ku nu keur ucing, eta giliran berikutna berarti nu kedah ucing.***wln

Tidak ada komentar:

Posting Komentar